Kumpulan status bahasa sunda pantun dan sisindiran





@ Ontohot ah Hujan Na Bikin mata Lemot jiga marmot sok hayang ngalamot meh bolotot kawas Cepot trus matana asupkeun na knalpot ke asup On the spot :D

@ Cing kiripik..satulang Sabajing...!! Saha nu kacapit Jadi Munding..!!!
Cing cangceuling manuk cicing ditampiling..!! Saha anu cicing pasti jiga Munding..!!! Cungg ahh..!!!  


@ Cingcirining Cicing na piring bari ngahariring kuring dugika garing jeuding teu eling-eling....

@ Salawe dua lima... sate kodok d colok-colok... awewe jaman ayeuna make anderok pa pondok-pondok...!
 

@ Kapinis ulah disumpit, tangkal muncang ngarangrangan.. Ieu nulis badé pamit duakeun ti kaanggangan ku sadaya 

@ Kaso pondok kaso panjang kaso ngaroyom ka jalan Sono mondok sono nganjang sono lawas teu papang dijalan...

@ Ka mana nya nyiar kulit,

hayang seubeuh sesewiran,

Ka mana nya nyiar duit

hayang seubeuh pelesiran


@ Batur mah dibaju hideung

kuring mah kabaya baé

Batur mah dipikatineung

kuring mah sangsara baé...




@ Cangkang cau di pulungan 
Cangkang leupeut di piceunan 
Ari hulu di tiungan Ari *taeun* teu di tutupan..

nini-nini nuang bangkuang.. 
aki-aki leumpangna egang… 
nini aki meuni beugang kunaon but ditaranjang...

@ salawe 25 mobil sedan cetna hejo 
awewe jaman ayeuna bisa dangdan 
teu bisa ngejo.... Heuheuheu...


@ Aya nangka digembrong laleur...
Dibawa ka jakarta..
Disangka jalmi bageur....
Rek dipenta ngabalieur....



@ ka panJALU hayang Milu...
Mobilna pinuh ku leutak...
Numatak nu gede hulu...
Pantesna tinggang kuHALU...


@ Aya berit di jero kulkas....
Dicandak ka cihampelas....
Numatak ku wararaas....
Hulu sirit dihampelas..... Heu



Lamun lapar ka kantin...
Ari Datang Ka Sorean...
Tempo Gawe Hari Senin...
Kunaun but hoream....


Aya pawang buaya...! pawangna ulin ka persia...! kudu nyaah kana budaya...!
bisi dicolong ku malaysia...!



@ Tukang ketan make rancatan...
Nawisan ka urang wetan,,,
lamun tuang dihajatan..
ulah hilap keudah ngamplopan...



@ Nyandak ember ka wargi..
Bade gentos caina...
Kumargi titadi beser...
Teu aya waktos dicalana...


Ka Ci Awi Kanu Hajatan....

Manawi can di syareatan...

Sing saha anu tara jumatan....

Singhoreng baladna syetan...


Meuli ganas keur nu gering,,mawana poe lebaran ,kukulutus teu diubaran,Hanas nyieun status meuni teu dikomentaran....Heu

 @ kang jajang ka ondangan,,,
ceu lilis mawa karanjang...
Mun hayang gadis leunjang...
Teu kudu kokorandangan...
Bilih Nincak gaang, hariwang kang...!!! Heuheu..


rintik rintik bunyi hujan.., leutik leutik beuki jajan..
Ulah jadi jalma leutik...meunding janten mbah maridjan....



@ Cikaracak Cikareucik..
Cai hujan ditandean..
Budak leutik ulah ceurik 
bisi ditinggang taleunan.. Heu3x

aya bajing mawa tiwu, 
kamajalaya teu aya sasaha,
Wilujeng enjing kasadaya daya,
mugia sing sejahtra??

@ Meser bandros pake saos...
Ku pribados bari ngaleos...
Sanaos teu ngangge artos...
Teu sawios wios dituker ku termos..????
Permioooosssss...



Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cara membuat Image Chef unik lucu kreatif bisa via Hp